Mulih ka jati,mulang ka asal eta kalimat biasana sok dianggo ku urang mun aya anu pupus.
Saliwat mah eta kalimat asa biasa tapi mun ditafakuran mah ngandung harti nu luar biasa.
Patali pisan jeung kecap tobat nu puguh ngandung nilai ibadah. Pepeling pikeun urang nu masih jumeneng di alam dunya sangkan urang teu poho kana purwadaksi,teu sasar dina ngajalanan
hirup oge teu kabelejog ku jaman kiwari nu ngan saukur ngudag materi.
Mulih ka jati mulang ka asal mangrupa kalimat filosofi nu pinuh ku hikmat hirup nu abadi.
Mun diguar eta kalimat tangtuna ngondang taroseun pikeun diri yen urang teh timana,rek kamana jeung keur naon urang hirup di alam dunya.
Mun ngajawabna bener tangtu pisan atuh hasilna oge nyugemakeun boh sugema pikeun kabagjaan di dunya oge nepi ka aherat jaga.
Matak didieu pisan gunana kayakinan,sabab ieu nu jadi dasar kana ngajawab sagala pasualan hirup. Da jalma nu teu boga kayakinan mah tangtu moal bisa ngajawabna,boro-boro ngajawab boa teuing nyahoeun kana eta pertanyaan.
Kalimat mulih ka jati mulang ka asal,luyu pisan jeung kalimat inna lillahi wa inna ilaihi rojiun.
Pikeun jalma nu yakin ka Alloh,pangeran nu mangeranan sakabeh alam tangtu hirupna oge moal gagabah. Sagala ge dipikir,ditalungtik sangkan eling jeung waspada.
Yakin yen dirina asalna ti Alloh,tangtu dina hirup keur di dunya oge ngan nurut weh ka Alloh nepi ka tingkah lakuna oge luyu jeung aya dina karidoan Alloh swt. Nyak atuh ari geus aya dina karidoan Alloh mah tangtuna oge mulangna nyak ka Alloh,sawarga bageanana.
Sabab Alloh SWTngadawuh :
” Yaa ayyuhannafsul muthmainnah,irji’i ila robbiki rodhiyatan mardiyah. Fadkhuli fii ‘ibadi wadkhuli jannati “
Mulih ka jati,mulang ka asal …
Huwal awwalu wal akhiru …
Tidak ada komentar:
Posting Komentar